Wali ‘Adol
وَكَذَا يُزَوِّجُ الحَاكِمُ
اِذَاعَضَلَ النَّسِيبُ القَرِيبُ وَلَو مُجبِرًا وَالمُعتِقُ وَعَصَبَتُهُ
لِانَّهُ حَقٌّ عَلَيْهِمْ فَاِذَاامْتَنَعُوْا مِنْ وَفَائِهِ وَفَاهُ الْحَاكِمُ
وَلاَتَنْقِلُ الْوِلاَيَةُ لِلْاَبْعَدِ اِذَا كَانَ الْعَضْلُ دُوْنَ ثَلاَثِ
مَرَّاتٍ فَاِنْ كَانَ ثَلاَثَ مَرَّاتٍ زَوَّجَ الاَبْعَدُ (بجيرمي على الخطيب الجزء ص )
Nyakitu deui Hakim janten wali ni9kah
dimana-mana wali akrob nolak nikahkeun sok sanajan wali mujbir, nyakitu deui
lamun nu ngamerdekakeun abid jeung asobahna nolak nikahkeun margi
aranjeunna(wali akrob, mu’tiq sareng asobahna)gaduh hak nikahkeun eta istri.
Dimana-mana aranjeunna nolak nikahkeun mangka tikahkeun wae ku hakim, eta hak
nikahkeun teu ngalih ka wali ab’ad dimana-mana nolakna kirang tina 3 kali,
upami nolakna 3 kali mangka nu hakna ngawaliannana wali ab’ad.
(Bujaerimi
Juz 4, halaman 147)
تَزْوِيْجُ اْلاَبْعَدِ عِنْدَ عَضْلِ اْلاَقْرَبِ ثَلاَثَ مَرَّاتٍ
فِيْمَنْ لَمْ تَغْلِبْ الخ فَاِنْ غَلَبَتْ طَاعَتُهُ عَلَى مَعَاصِيئهِ
فَالْمُزَوِّجُ هُوَالْحَاكِمُ لِاَنَّهُ لَمْ يَفْسُقْ حِيْنَئِذٍ (بجيرمي على
الخطيب الجزء ص )
Nikahkeunana wali ab’ad dina nalika adolna wali aqrob dugi ka tilu
kali, di jalma anu ngalindih…. Mangka lamun ngalindih to’atna wali aqrob kana
dorakana mangka anu hak nikahkeun the nyaeta hakim karana ari hakim mah dina
waktu nikahkeun henteu fasek.
Akad Nikah ngalangkungan Telekoferensi
وَقَدْ حَكَى الْهَرَوِي فِيْهِ وَجْهَيْنِ فِى حَقِّ الْغَائِبِ
وَقَطَعَ بِالْمَنْعِ فِيْمَا اِذَا كَانَا حَضِرَيْنِ وَفِى الْوَسِيْط فِيْ
كِتَابِ الطَّلاَقِ حِكَايَةُ الْخِلاَفِ فِيْهِ وَيُشْتَرَطُ عَلَى الصِّحَّةِ
اَنْ يَقْبَلَ الزَّوْجُ فِى مَجْلِسِ بُلًوْغِ الْخَبَرِ قَالَ الْغَزَالِيْ
اَوْيَكْتُبَ عَلَى الْفَوْرِ وَاَنْ يَقَعَ الْقَبُوْلُ بِحَضْرِ شَاهِدَيِ
الاِيْجَابِ فَلَوْ حَضَرَ غَيْرُهُمَا فَوَجْهَانِ كَمَا يُعْرِفُكَ اَنَّهُ لَوْ
كَانَ الزَّوْجُ غَائِبًا فَخَاطَبَهُ الْوَلِيُّ بِالنِّكَاحِ بِلِسَانِهِ
فَقَالَ زَوَّجْتُكَ اِبْنَتِيْ فَبَلَغَهُ الْخَبَرُ فَقَالَ قَبِلْتُ نِكِاحَهَا
اِنَّهُ يَصِحُّ لِوُجُوْدِ لَفْظِ التَّزْوِيْجِ وَفِى التَّهْذِيْبِ حِكَايَةُ
وَجْهَيْنِ فِيْهِ وَاِنَّ الاَصَحَّ عَدَمُ الصِّحَّةِ.
(مجموع
شرح مهذب جزء ص )
Imam al-Harowi ngahikayatkeun dua kaol(sah sareng teu sah) dina
masalah calon panganten lalaki nteu samajlis sareng wali, oge anjeunna
berpendapat “Upami wali sareng calon panganten lalaki eta hadir teu kenging
beda majlis dina akad nikah. Dina kitab al-Wasith bab talak oge dihikayatkeun
dua kaol dina masalah akad benten majlis, sareng disyaratkeun upami ngiring
kana kaol ngasahkeun, si calon panganten lalaki nampi di tempat dugina berita.
Imam al-Ghozali ngadawuh” Atanapi si calon panganten lalaki nyerat harita
keneh, oge nampina calon panganten lalaki kedah dipayuneun dua saksi ijab,
lamun dipayuneun salian ti dua saksi ijab mangka aya dua pendapat(sah sareng
teu sah). Sakumaha anu tos diuningakeun ku Imam Ghozali yen lamun calin
panganten lalaki teu aya dipayuneun wali(benten majlis) teras walui ngucapkeun
ijab ku lisanna “Kaula nikahkeun anjeun ka anak teges kaula”, teras dugi berita
ka calon panganten lalaki, teras calon panganten lalaki ngawaler”Abdi nampi
nikah ka putra bapa”. Mangka eta pertikahan teh sah margi aya lafadz tazwij.
Dina kitab at-Tahdzib oge dihikayatkeun dua kaol dina ieu masalah, tapi anu
langkung soheh pernikahan anu benten majlis teu sah.
(Majmu’ sarah Muhadzab juz 19, hal.232).
وَعَقْدُ النِّكَاحِ يَحْتَاجُ عَلَى
مَزِيْدِ اخْتِيَاطٍ وَتَثَبُّتٍ حَذَرًا مِمَّا يَتَرَتَّبُ عَلَى فَقْدِ
ذَلِكَ (سلم التوفيق ص
Ari akad nikah eta meryogikeun kaati-atian anu langkung, oge nyandak kaolna
anu kiat, karana rempan bilih ngakibatkeun cacadna syarat sareng rukun nikah.
(Sulam Taupik hal. 51).
Wakil wali ngalangkungan telepon
وَشُرِطَ فِى الصِّيْغَةِ مِنْ
مُوَكِّلٍ وَلَوْ بِنَائِبِهِ مَايُشْعِرُ بِرِضَاهُ كَوَكَّلْتُ فى كَذَا
اَوْفَوَّضْتُ اِلَيْكَ فِى كَذَا سَوَاءٌ كَانَ مُشَافَهَةٌ لَهُ اَوْكِتَابَةٌ
اَوْمُرَاسَلَةٌ (بجيرمي على الخطيب جزء
ص )
Sareng
disyaratkeun dina seghat ti wakil atawa gaganti wakil perkara anu bisa
kanyahoan karidoannana, saperti kecap “Ngawakilkeun simkuring kana ieu perkara
atawa masrahkeun simkuring ka anjeun kana ieu perkara, sami bae kaayaannana
ngucapkeun kana eta perkara tulisan atawa surat.
(Bujaerimi juz 3, hal. 461).
Talak ku surat atanapi ku SMS
لَوْكَتَبَ صَرِيْحَ طَلاَقٍ اَوْكِنَايَةً
وَلَمْ يَنْوِ اِيْقَاعَ الطَّلاَقِ فَلَغْوٌ مَالَمْ يَتَلَفَّظْ حَالَ
الْكِتَابَةِ اَوْبَعْدَهَا بِصَرِيْحِ مَاكَتَبَهُ وَخَرَجَ بِهِ مَااذَانَوَاهُ
مِنْ غَيْرِتَلَفُّظٍ بِهِ فَاِنَّهُ يَقَعُ عَلَى الاَظْهَرِ كَمَا فِى
الْمِنْهَاجِ اِذَاتَلَفَّظَ بِالْمَكْتُوْبِ الْكِنَائِيِّ وَلَمْ يَنْوِ
اِيْقَاعَ الطَّلاَقِ لاَيَقَعُ
(اعانة
الطالبين الجزء ص
Lamun hiji jalma nyerat talak
soreh atanapi kinayah tapi teu niat ngajatuhkeun talak, mangka teu jatuh talakna salami eta
jalmi teu ngucapkeun(maca)kana eta talak dina waktos nyerat atawa saparantosna.
Benten deui upami hiji jalmi nyerat bari niat talak tapi teu diucapkeun mangka
talakna jatuh menurut pendapat anu adzhar. Lamun hiji jalmi maca talak kinayah
nu di serat tapi teu niat niat ngajatuhkeun talak, mangka teu jatuh talak. (‘Ianah juz 4, hal. 16).
Randa anu bade diwalian kedah
ikrar rido
الثَّيِّبُ تُعْرِبُ عَنْ نَفْسِهَا
وَالْبِكْرُ رِضَاهَا صُمْتُهَا . رَوَاهُ
اَحْمَد وَابْنُ مَاجَه صح
(فيض القدير جزء ا ص )
Ari randa eta kedah aya kecap dina
maparin ridona, sedengkeun parawan jempena teh
ridona. H.R Ahmd. (Faidulkodir
juz 1, hal. 79).
وَقَالَ الاَئِمَّةُ الثَّلاَثَةُ
عَقْدُ الْوَلِيِّ بِغَيْرِ اِذْنٍ مَوْقُوْفٌ عَلَى اِجَازَتِهَا (فيض القدير جزء ا ص )
Para Imam anu
tilu (Imam Abu Hanifah, Imam Maliki, sareng Imam Ahmad)ngadawuh:”Nikahkeunnana
wali ka randa bari teu aya idzin eta dicantelkeun kana ngawenangkeunnana eta
randa. (Faidulkodir juz 1, hal. 79).
قالت امرأة مزوجة
لوليها اذنت لك فى تزويجي اذا طلقني زوجي وانقضت عدتي ثم طلقها الزوج وانقضت عدتها
ثم زوجها الولي باذنها السابق صح النكاح
(بغية
المسترشدين ص )
Hiji istri anu gaduh caroge nyarios ka
walina “Kaula idzin ka anjeun pikeun ngawinkeun kaula lamun geus ditolak ku
salaki oge geus lubar idah”. Terus nolak salakina ka awewe sareng parantos
lubar idahna, terus wali ngawinkeun eta awewe ku idzin anu parantos tipayun
mangka sah nikahna. (Bugiyyatul Mustarsyidin hal.
Gaul sareng adi beuteung
atanapi dahuan
اَمَّاالَّتِى لاَيَحْرُمُ زَوَاجُهَا
عَلَى التَّأْبِيْدِ كَاُخْتِ الزَّوْجَةِ وَعَمَّتِهَا وَخَالَتِهَا فَاِنْ
لَمَسَ اِحْدَاهُنَّ يَنْقُضُ الْوُضُوْءَ.
(مذاهب الاربعة جزء ا ص )
Anapon istri
anu haram ditikahna teu salawasna sapertos dulur awewe(raka atawa rai) bojo,
bibina(boh ti rama anatapi ti ibu) mangka upami paantel kulit eta ngabatalkeun
kana wudu. (Madzahibul
Arba’ah juz 1, hal.69)
Akad nikah pangantenna Majnun
اِنَّ الصَّبِيَّ مَسْلُوْبُ
الْعِبَارَةِ وَالْوِلاَيَةِ فَلاَيَصِحُّ عُقُوْدُهُ وَلاَاِسْلاَمُهُ وَلَوْ
مُمَيِّزًا وَلاَيَكُوْنَ قَاضِيًا وَلاَوَلِيًّا وَلاَيَلِى النِّكَاحَ
اِلاَّمَااسْتُثْنِيَ مِنْ عِبَادَةِ الْمُمَيِّزِ وَالاِذْنِ فِى الدُّخُوْلِ
وَاَنَّ الْمَجْنُوْنَ مَسْلُوْبُ مَاذُكِرَ (اعانة الطالبين الجزء ص
)
Saenyana murangkalih eta anu dilaan ibaroh sareng wilayahna,
kumargi kitu murangkalih teu sah sagala rupi akadna, teu sah islamna sok sanaos
mumayyiz, murangkalih teu kenging janten hakim, teu kenging janten pamingpin,
teu kenging ngawalian kajabi nu sah ti murangkalih the nyaeta ibadah sareng
izin fiddukhul. Sedengkeun jalmi gelo teu sah sagala rupina nu disebatan teu
aya nu diiwalkeun. (I’anatuttolibin Juz 3 hal. 71 ).
Ical Galeuh ku Budak anu Can Hideng
وَقَدْ جَعَلُوْا شُرُوْطَ الْبَيْعِ
اَنْوَاعًا مِنْهَا فِى الْعَاقِدِ وَهُوَ اَنْ يَكُوْنَ عَقِلاً مُمَيِّزًا
(سبل السلام جزء الثالث ص )
Para ulama parantos ngadamel
syarat-syarat jual beuli sababaraha rupi, diantawisna jalma anu akad kedah
gaduh akal sareng tamyiz (parantos hideng). (Sublussalam Juz 3 hal. 4).
Ical Galeuh Barang Muhaqqoroh
(اِنَّمَاالْبَيْعُ عَنْ تَرَاضٍ) وَلاَبُدَّ
اَنْ يَكُوْنَ عَلَى صِيْغَةِ الْجَزْمِ لَفَّظَهَا لِتَتِمَّ مَعْرِفَةُ
الرِّضَاءِ وَقَدْ اسْتُثْنِيَ الْمُحَقَّرُ مِنْ ذَلِكَ لِجَرْيِ عَادَةِ
الْمُسْلِمِيْنَ فِيْهِ بِالدُّخُولِ مِنْ غَيْرِ لَفْظٍ . وَقَدْ اخْتَارَ
النَّوَوِيُّ وَاَكْثَرُ الْمُتَأَخِّرِيْنَ مِنَ الشَّافِعِيَّةِ عَدَمَ
اشْتِرِاطِ الْعَقْدِ فِى الْمُحَقَّرِ . وَالْمُحَقَّرُ مَادُوْنَ رُبْعِ
الْمِثْقَالِ
(سبل السلام جزء الثالث ص )
(Satemenna jual beuli eta
didadasaran silih pikarido) Jual beuli teu meunang henteu kedah nganggo seghat
(ijab qobul) anu tos ditangtoskeun, supaya sampurna kanyahoan ridona. Ari
barang muhaqqor (teu sapira hargana) diiwalkeun tinu tadi-teu kedah aya seghat
(ijab qobul)- margi tos lumaku kabiasaan kaum muslimin ngalaksanakeun jual
beuli muhaqqor teu nganggo ucapan (ijab qobul).
Imam Nawawi sareng seuseueurna
ulama mutaakhirin madzhab Syafi’i parantos milih henteu disyaratkeun akad (ijab
qobul) dina barang muhaqqor (teu sapira hargana). Ari barang muhaqqor teh nyaeta
anu hargana kirang tina saparapat misqol. (Sublussalam Juz 3 hal.4).
(قوله
لَكِنْ اُخْتِيْرَ الاِنْعِقَادُ ...) اِسْتِدْرَاكٌ مِنْ عَدَمِ انْعِقَادِهِ
بِالْمُعَاطَاةِ الْمُوْهَمِ اَنَّ ذَلِكَ مُطْلَقًا وَبِالاِتِّفَاقِ اي لَكِنْ
اخْتَارَ بَعْضُهُمْ وَهُوَ النَّوَوِيُّ اِنْعِقَادَ الْبَيْعِ بِالْمُعَاطَاةِ
فِى كُلِّ شَيْئٍ يَعُدُّ الْعُرْفُ الْمُعَاطَاةَ فِيْهِ بَيْعًا (اعانة الطالبين
الجزء الثالث ص )
Dawuhan Musonif tapi kaol ulama
anu dipilih nyaeta ngaralat tina henteu sahna jual beuli kalawan mu’atoh (teu
nganggo ijab qobul) bari disangka saenyana henteu sah teu nganggo ijab qobul
mutlak (sadayana jual beuli kedah nganggo bae ijab qobul) kalayan mufakat para
ulama. Padahal sapalihna ulama, diantawisna Imam Nawawi milih kana sahna jual
beuli kalawan mu’athoh (teu nganggo ijab qobul) dina tiap-tiap perkara anu
ngitung-ngitung adat (di anggap ku adat kabiasaan) yen eta mu’athoh teh kalebet
jual beli (I‘anatutholibin Juz 3 halamn 4)
Mitsqol
كان المثقال
يساوي الدينار القانوني اي المثقال المكى الذى يبلغ وزنه ... من الجرمات
(فقه الزكاة جزء الاول ص )
Samisqol
ngabanding kana sadinar anu ceuk katangtosan hukum tegesna samisqol Mekah anu
timbanganna dugi ka… nyaeta pirang-pirang gram
Ukuran Dinar sareng Dirham
1 Dirham : 1. 2.97
gram
2. 3.11 gram (Fiqhuzzakat, Yusuf Al-Qordowi)
1 Dinar
: 22 karat (4.25 gram)
(Islamic MINT Nusantara)
Jual
beuli ku cara Online
ثُمَّ لِصِحَّةِ الْمُسْلَمِ فِيْهِ ثَمَانِيَةُ شَرَائِطَ وَهُوَ
اَنْ يَصِفَهُ بَعْدَ ذِكْرِ جِنْسِهِ وَنَوْعِهِ بِالصِّفَاتِ الَّتِى يَخْتَلِفُ
بِهَا الثَّمَنُ وَاَنْ يَذْكُرَ قَدْرَهُ بِمَا يَنْفِى الْجَهَالَةَ عَنْهُ
وَاِنْ كَانَ مُؤَجَّلاً ذَكَرَ وَقْتَ مَحِلِّهِ وَاَنْ يَكُوْنَ مَوْجُوْدًا
عِنْدَ اْلاِسْتِحْقَاقِ فِى الْغَالِبِ وَاَنْ يَذْكُوْرَ مَوْضِعَ قَبْضِهِ
وَاَنْ يَكُوْنَ الثَّمَنُ مَعْلُوْمًا وَاَنْ يَتَقَابَضَا قَبْلَ التَّفَرُّقِ
وَاَنْ يَكُوْنَ عَقْدُ السَّلْمِ نَاجِزًا لَمْ يَدْخُلْهُ خِيَارُالشَّرْطِ (الباجور جزءالاول ص )
Salajengna pikeun sahna muslam fiih
(barang anu dipesen) aya 8 syarat, nyaeta kahiji jalma anu pesen kedah nyipatan
kana barang anu dipesenna dina saba’da disebatan jenis jeung rupana, kalawan
pirang-pirang sifat anu bakal nangtukeun
hargana. kadua kedah nyebatan ukurannana ku perkara anu bakal ngaleungitkeun
kana samarna barang. Katilu lamun ditempokeun maka kedah disebat waktu jatuh
tempona. kaopat barang anu dipesenna kedah tiasa ngawujud dina galib-galibna
(kabiasaannana) pas sareng waktosna. Kalima kedah disebatkeun tempat seren tampina.
kagenep hargana tos ditangtukeun. Katujuh dua jalma anu akad kedah seren tampi
sateuacan papisah. Kadalapan akadna kedah langsung teu kenging aya khiyar
syarat. (Bajuri Juz 1 Halaman 352)
Jual
beuli Kiridit
(وَيُسْتَثْنَى ) مِنَ النَّهْيِ عَن بَيْعٍ
وَشَرْطٍ كَالْبَيْعِ بِشَرْطِ اْلاَجْلِ فِى غَيْرِالرِّبَوِيِّ لِاَوَّلِ اَيَةِ
الدَّيْنِ لِقَوْلِهِ (اِذَاتَدَايَنْتُمْ بِدَيْنٍ اِلَى اَجَلٍ مُسَمَّى)
البقرة (الشروانى جزءالرابع ص )
Diiwalkeun jual beli anu dilarang
sarta make syarat saperti jual beli make syarat tempo dina salian barang anu
bangsa riba (emas, perak, tuangeun) karana dalil na aya dina awal ayat anjuk
hutang, dawuhan Allah “Dimana aranjeun ngalaksanakeun anjuk hutang nepi kana
waktu anu geus ditangtukeun…” (Asy-Syarwani Juz 4 Halaman 327)
اِنَّ النَّبِيَّ صّلَّى اللَّهُ
عَلَيْهِ وَسَلَّم نَهَى عَنْ بَيْعَتَيْنِ فِى بَيْعَةٍ . رواه الترمذي وَقَالَ حَدِيْثُ حَسَنُ
صَحِيْحٌ
وَفَسَّرَ الشَّافِعِيُّ وَغَيْرُهُ
مِنَ الْعُلَمَاءِ اَلْبَيْعَتَيْنِ فِى بَيْعَةٍ تَفْسِيْرَيْنِ
اِحْدَاهُمَا اَنْ يَقُوْلَ بِعْتُكَ هَذَا بِعَشْرَةٍ نَقْدًا اَوْ بِعِشْرِيْنَ
نَسِيْئَةً وَالثَانِى اَنْ يَقُوْلَ بِعْتُكَهُ بِمِائَةٍ مَثَلاً عَلَى اَنْ
تَبِعَنِيْ دَارَكَ بِكَذَا وَكَذَا وَالْاَوَّلُ اَشْهَرُ وَعَلَى
التَّقْدِيْرَيْنِ الْبَيْعُ بَاطِلٌ بِالْاِجْمَاعِ
Satemenna kanjeng Nabi SAW ngawagel dua rupi akad dina sakali jual
beuli (HR. Turmudzi). Anjeuna sasauran ieu teh Hadis Hasan sareng Shohih.
Imam Syafi’i sareng ulama anu sanes ngajelaskeun (nafsirkeun)
lafadz “Bae’ataini fii Bae’atin” ku dua tafsir, tafsir anu kahiji ibarat
ngomong hiji jalma “Kuring ngajual ieu barang ka anjeun lamun kontan hargana
sapuluh, atawa lamun di anjuk hargana
duapuluh. Tafsir kadua ibarat hiji jalma ngucap “Kuring ngajual ieu barang ka
anjeun ku harga saratus kalayan syarat bari anjeun ngajual imah ka kuring ku
harga sakieu. Ari tafsir anu kahiji eta leuwih mahsyur. Ijma’ Ulama jual beli
dina ieu dua tafsiran batal (henteu sah).
NUR MUHAMMAD SAW
(وأصلى)
اي اطلب صلاة الله اى رحمته (واسلم) اى اطلب سلام الله اى تحيته (على) صاحب (النور
الموصوف بالتقدم) على كل مخلوق (والاولية) اى كونه اولا بالنسبة لسائر المخلوقات
كما فى حديث جابر انه سأل رسول الله صلى الله عليه وسلم عن اول ما خلقه الله تعالى
قال ان الله خلق قبل الاشياء نور نبيك ... (مدارج
الصعود : ص )
Sareng
nyuprih simkuring muga-muga Solawat Alloh tegesna Rohmat Alloh, sareng
ngintunkeun Salam simkuring tegesna kahormatan Alloh anu kagungan Nur Muhammad
anu disifatan ku sifat ti payun sareng awal (didamel ku Alloh pangpayunna)
mayunan sadaya makhluk sareng awal sadaya makhluk tegesna kaayaan Nur Muhammad
anu pangpayunna didamel dibandingkeun sareng makhluk anu sanesna. Sapertos anu
didawuhkeun dina hadits riwayat sohabat Jabir RA. Saestuna kangjeng Rosululloh
SAW ditaros ku sohabat Jabir, perkawis makhluk anu pangpayunna didamel ku
Alloh. Ngadawuh Rosululloh SAW, “Saestuna Alloh SWT ngadamel Nur Nabi anjeun,
Jabir, samemeh ngadamel sakabeh perkara”. (Madarijussu’ud hal 4)
كنت اول الناس فى الخلق واخرهم فى البعث (رواه
البخارى ومسلم) (فيض
القدير جزء ص )
Kaayaan Kami (Rosululloh SAW) eta
pangpayunna jalmi anu didamel ku Alloh, sanaos diutus jadi Nabi namah pang
akhirna. HR. Bukhori Muslim. (Faidul Qodir Juz 5 hal.66 ).
كنت
نبيا وادم بين الرّوح والجسد (رواه البخارى ومسلم)
(فيض القدير جزء ص: )
Kaayaan Kami (Rosululloh SAW) eta
parantos jadi Nabi ( waktos harita teh) Nabi Adam masih keneh antara ruh sareng
jasad. HR. Bukhori Muslim. . (Faidul Qodir Juz 5 hal.66 ).
اِشَارَةُ اِلَى اَنَّ نُبُوَّتَهُ كَانَتْ
مَوْجُوْدَةً فِى اَوَّلِ خَلْقِ الزَّمَانِ فِى عَالَمِ الْغَيْبِ دُوْنَ عَالَمِ
الشَّهَادَةِ
Jadi isyarah yen kanabian kangjeng
Rosululloh SAW. eta parantos aya dina awal ngadamel zaman, nuju di alam gaib
keneh sanes alam anu nemrak (dunya) . (Faidul Qodir Juz 5 hal.66 ).
Aurat Istri
(قوله
ويجب الستر على الاعلى... الخ) هذا فى غير القدم بالنسبة للحرّة اما هى فيجب سترها
حتى من اسفلها اذ باطن القدم عورة كما علمت نعم يكفى ستره بالارض لكونها تمنع
ادركه (اعانة الطالبين جزء ص )
(Dawuhan wajib nutupan di palih luhur…)
ieu (dawuhan) dina sajabi keuneung upami dinisbatkeun ka awewe merdeka, anapon
awewe merdeka wajib nutup orat ti palih handap margi dampal keuneung kalebet
orat sapertos anu tos ma’lum, sumuhun cekap nutupan dampal keuneung ku taneuh
(lantai), margi lantai nyegah kana katingalna dampal keuneung.
(ولو كان
المصلى امرأة فلو رؤيت عورتها من جيبه اي طوق قميصه) او كمه لانه من الاعلى(لسعته
فى ركوعه او غيره ضر) (البجيرمي على الخطيب جزء الثاني ص )
Lamun anu solatna istri, sakira-kira oratna
katingal tina samleh panangan (acukna)
atawa kerah bajuna eta kalebet (orat
katingal) lebah luhur, margi golowak nalika ruku’ atanapi sajabina ruku’ eta
matak madarat (batal solatna).
لو رؤي صدر
المرأة من تحت الخمار لتجافيه عن القميص عند نحو الركوع اواتسع لكمّ بحيث ترى منه
العورةبطلت صلاتها فمن توهم ان ذلك من الاسفل فقد اخطأ لان المراد بالاسفل اسفل
الثوب الذى عمّ العورة (بغية المسترشدين ص )
Lamun dada awewe katingal ti handapeun tiungna kumargi
renggang (logor) tina baju kurungna nalika ruku’ atawa logor kerah baju
kurungna sakira oratna bisa katempo mangka eta awewe batal solatna. Saha jalma
anu boga anggapan nu tadi disebat kalebet ti lebah handap, eta anggapan the
lepat. Margi anu dimaksad ku lebah handap nyaeta handapeun baju anu ngawengku
kana orat.
Nadzar
hukman dina qurban
ويحرم الاكل من اضحية او هدي وجبا بنذره. قوله
بنذره اى حقيقة كما لو قال لله علي ان اضحي بهذه فهذه معينة بالنذر ابتداء وكما لو
قال لله علي ان اضحية ثم عينها بعد ذلك فهذه معينة عما فى الذمة او حكما كما لو
قال هذه اضحية او جعلت هذه اضحية فهذه وجبة بالجعل لكنها فى حكم المنذورة. (اعانة الطالبين جزء ص )
Sareng haram nuang daging qurban
atanapi pamaparin saupami qurban wajib kumargi dinadzarkeun. Nu dimaksad nadzar
ku musonnif nyaeta nadzar hakekat sapertos kasauran jalma “Karana Alloh wajib
ka kaula qurban ku ieu (hewan qurban)” mangka ku kasauran kitu kalebet nadzar
karana dimimitian ku kecap nadzar. sareng sapertos kasauran jalma”Karana Alloh
wajib ka kaula qurban”, teras saba’da nyarios nangtoskeun eta sato Mangka ku
kitu oge parantos tangtos nadzarna mung ditempokeun.
Atanapi nadzar hukman sapertos
kasauran jalma “ieu teh (hewan) kanggo kurban atanapi dijadikeun ieu hewan the kanggo
kurban”, mangka hukumna wajib ku kecap ngajadikeun (ieu sato kanggo qurban) hukumna
sami sareng anu dinadzarkeun. (I’anatuttholibin Juz 2 hal )
الثانى كقوله جعلت هذه اضحية فالجعل بمنزلة
النذر بل متى قال هذه اضحية صارت واجبة وان جهل ذلك فما يقع من العوام عند سؤلهم
عما يريدون التضحية به من قولهم هذه اضحية تصير به واجبة (الباجور جزء ص
)
Anu kadua qurban nadzar hukman saperti jalma anu bade qurban
ngomong “Ngajadikeun simkuring kana ieu sato kanggo qurban”, mangka kecap
ngajadikeun (ieu sato kanggo qurban) sami hukumna sareng nadzar, malihan ku
omongan,”Ieu sato kanggo qurban”, eta qurban geus jadi wajib sanajan
jalmi-jalmi teu terangeun kana eta hukum anu tumiba di masyarakat umum dina
nalika ditaros (ku nu sanes), “Rek naraon maraneh teh”, manehna ngajawab “Rek
dipake qurban”. Tina ucapan maranehannana, “Ieu keur qurban” mangka eta qurban
geus jadi wajib. (Bajuri Juz hal. ).
(قوله ويحرم الاكل... الخ) اى يحرم اكل المضحى
والمهدى من ذلك فيجب عليه التصدق بجميعها حتى قرنها وظلعها فلو اكل شيئا من ذلك
غرم بدله للفقراء. (اعانة
الطالبين جزء ص )
Haram nuang…, tegesna jalmi anu
qurban sareng anu hadiah (anu wajib) haram ngiring nuang. Wajib ka manehna
masihkeun sadayana hingga ka tanduk katut talapokna. Lamun manehna ngadahar
saeutik oge tina eta qurban (anu wajib) mangka wajib ngagentian pikeun
dibagikeun ka jalma-jalma fakir.
Mustahik ngical bagean Qurban
(ويجب التصدق بشيئ منها) يعنى من لحوم
ما ذكر ولو جزءا يسيرا ينطلق عليه الاسم فيحرم عليه اكل جميعها ولان المقصود ارفاق
المساكين ولايحصل ذلك بمجرد اراقة الدم بل (يملكه الفقراء)المسلمين (نيئا)
ليتصرفوا فيه بما شائوا من بيع وغيره (اثنى المطالب جزء ص)
Wajib nyodakohkeun sagala perkara tina qurban nadzar sajan nadzar
hukman nyaeta, daging qurban anu tos disebatkaeun tadi, teu meunang kakantun
sajan saeutik. Lumaku (tumiba) ka jalma anu nuang daging qurban nadzar hukumna
dosa margi haram kanu qurban nadzar nuang sadayana daging sareng karana anu
dimaksad ku qurban ngadamel kasaean ka fakir miskin henteu hasil midamel
kasaean ka fakir miskin ku ngocorkeun getih (meuncit qurban wungkul). Malihan
kedah tamlik (masihkeun mutlak) ka umat islam anu fakir miskin mangrupi daging
atah. (Asnal Matholib Juz hal. )
ولايجوز تمليك الاغنياء شيئا من ذلك
كما فى صدقة الفطر وكفارة اليمين ولأن الاية دلت على الاطعام لاعلى التمليك
والمراد انه لايملكهم ذلك ليتصرفوا بالبيع ونحوه
(اثنى المطالب جزء ص
Jalmi-jalmi beunghar teu kenging ngamilik sakedik oge kana daging
qurban sapertos dina zakat fitrah sareng kafarat sumpah karana aya ayat anu
nuduhkeun kana maparinan tuang sanes ngamilik, anu dimaksad nu beunghar teu
kenging ngapimilik kana daging qurban kanggo diical atanapi sajabina.
والقول بانهم اى الاغنياء يتصرفون كيف شاؤا
(ضعيف) (بغية المسترشدين ص )
Sareng kaol anu nyebatkeun jalmi-jalmi beunghar tiasa ngokolakeun
sakarepna (kana daging qurban) eta kaol do’if.
لا يحل لعالم ان يذكر مسئلة لمن يعلم انه يقع
بمعرفتها تساهل فى الدين ووقوع فى مفسدة (بغية المسترشدين ص )
Teu kenging ka jalmi alim
ngadugikeun masalah ka jalmi sanes anu kinten upami apaleun (kana hukumna)
masalah matak lalawora dina agama sareng tigebrus kana karuksakan.
posting by H. Sobarul Hakim, S.Pd.I
Ketua KBIH Al Ulfah Garut
posting by H. Sobarul Hakim, S.Pd.I
Ketua KBIH Al Ulfah Garut
Tidak ada komentar:
Posting Komentar